Jagat Marcapada
Sasih Mei 2006:
NALUNGTIK PANGAYUGAAN
JAGAT MARCAPADA
k u
IRFAN ANSHORY
DINA kitab suci Al-Qur’an, Allah SWT ngadawuh yén jagat marcapada (universe; alam semesta) diyugakeun ku Anjeunna dina genep periodeu (fi sittati ayyam). Katerangan ngeunaan hal ieu téh aya dina Surat Al-A`raf 54, Yunus 3, Hud 7, Al-Furqan 59, As-Sajdah 4, Qaf 38, jeung Al-Hadid 4.
Kecap yaum (katut pluralna ayyam) dina Al-Qur’an téh sihoréng loba pihartieunana, nyaéta: waktu lana nu henteu kacipta panjangna (Al-Fatihah 4), atawa lima puluh rébu taun (Al-Ma`arij 4), atawa sarébu taun (As-Sajdah 5), atawa sausum (Ali Imran 140), atawa sapoé (Al-Baqarah 184), atawa sakiceup (Al-Qamar 50), atawa waktu nu leuwih sakeudeung ti sakiceup (An-Nahl 77), atawa waktu nu henteu kacipta pondokna (Ar-Rahman 29). Ku kituna, istilah fi sittati ayyam dina pangayugaan jagat marcapada sigana leuwih merenah mun dihartikeun “dina genep periodeu”.
Éta genep periodeu téh ditétélakeun ku Gusti dina Fusshilat 9 – 12:
(9) Yeuh pangbéjakeun: Naha enya maranéh téh kalapir ka Gusti nu ngayugakeun bumi dina dua periodeu sarta maranéh nyarieun ka Anjeunna tandingan-tandingan? Anjeunna téh Pangéran Nu Murbéng Alam.
(10) Anjeunna ngajadikeun di bumi rawasiya (pamageuh) ti luhurna, sarta Anjeunna ngaberkahan katut nangtukeun aqwat-na (daya panjagaanana) dina opat periodeu. (Rawasiya éta téh) sarua pikeun anu naranya (para élmuwan anu nalungtik).
(11) Saterusna, Anjeunna ngajugjug ka langit anu mirupa haseup (partikel-partikel mikro), tuluy ngadawuh ka langit jeung ka bumi: “Pék daratang maranéh duaan, boh suka boh kapaksa.” Duanana (langit jeung bumi) némbalan: “Abdi sadaya darongkap kalayan suka.”
(12) Anjeunna ngayugakeun tujuh langit dina dua periodeu sarta ngawahyukeun ka unggal langit urusanana. Kami ngahias langit dunya ku béntang-béntang jeung pangraksaan. Éta téh takdir Nu Maha Gagah tur Maha Uninga.
Ku sabab langit jeung bumi diyugakeun dina waktu nu sarua (ayat 11), dua periodeu pangayugaan langit (ayat 12) tangtu idéntik jeung dua periodeu pangayugaan bumi (ayat 9). Dua periodeu pangayugaan langit jeung bumi éta téh kudu lumangsung sabadana opat periodeu pangayugaan rawasiya (ayat 10), sabab ayat 10 jeung ayat 11 dihubungkeun ku kecap tsumma (“tuluy, saterusna, sabada ti éta”). Cindekna mah, genep periodeu pangayugaan jagat marcapada téh dimimitian ku opat periodeu pangayugaan rawasiya (pamageuh), tuluy disusul ku dua periodeu pangayugaan matéri (langit jeung bumi).
R a w a s i y a
Ari rawasiya téh naon téa? Tapsir-tapsir nu araya réréana mah ngahartikeunana “gunung”. Mémang salah sahiji fungsi gunung téh nyaéta pikeun mageuhan bumi. Ngan ulah sakabéh kecap rawasiya dina Al-Qur’an dihartikeun “gunung”. Apan urang Arab sorangan ti jaman baheula nepi ka ayeuna teu kungsi nyebutkeun gunung maké kecap rawasiya.
Kecap rawasiya téh turunan tina kecap dasar rasa (tilu hurup ra-sin-alif) nu hartina “mageuhkeun, meungkeut, nyimpai, atawa nyangcang”. Jadi, rawasiya téh harti harpiahna mah “pamageuh”. Mangga urang tengetan dawuhan Allah dina Al-Qur’an: “Kami ngajadikeun di bumi rawasiya (pamageuh) supaya bumi muter nguriling jeung maranéhna” (Al-Anbiya’ 31). “Anjeunna ngayugakeun langit tanpa tihang anu katénjo ku maranéh, jeung nyayagikeun rawasiya (pamageuh) di bumi supaya muter nguriling jeung maranéh” (Luqman 10).
Bari muter di sumbuna sorangan (rotasi) dina gagancang (velocity) 1667 km/jam, bumi muter ngurilingan panonpoé (révolusi) dina gagancang 108.000 km/jam atawa 30 km/detik. Panonpoé katut sakabéh eusina tatasurya muter ngurilingan puseur Galaksi Bimasakti (Milky Way) dina gagancang 225 km/detik. Galaksi Bimasakti, nu diwangun ku kumpulan 100 miliar panonpoé atawa béntang, muter deuih ngurilingan puseur Superkluster Virgo. Jumlah-jamléh, bumi urang téh muter dina gagancang 300 km/detik kana puseur Superkluster. Buktina urang mah aman-aman baé muter jeung bumi téh, ngarasa cicing tur anteng, henteu tisolédat saeutik-saeutik acan, sanajan bumi muter sakitu gancangna.
Naon rawasiya (pamageuh) nu nyangcang urang dina bumi téh? Naon rawasiya nu ngajaga planét-planét jeung béntang-béntang panceg dina orbitna séwang-séwangan? Naon rawasiya nu nahan éléktron-éléktron henteu lésot tina atom? Naon rawasiya nu meungkeut proton jeung nétron dina inti atom? Cindekna, naon rawasiya anu ngatur sakabéh prosés dina ieu jagat marcapada?
Tah, ayeuna para élmuwan geus nyarahoeun yén sakumna prosés di jagat marcapada diatur jeung dipageuhan ku opat rupa interaksi (gaya, force), nyaéta:
Kahiji, Interaksi Gravitasi, gaya nu nyangcang sakabéh partikel nu miboga massa, ngatur silih-kenyang (tarik-menarik) hiji matéri jeung matéri nu séjén, ti mageuhkeun urang dina bumi nepi ka ngadegkeun tatasurya jeung galaksi.
Kadua, Interaksi Éléktromagnétik, gaya nu nyimpai sakabéh partikel nu miboga muatan listrik, ngatur saniskara réaksi kimia, ti mimiti kajadian atom-atom nepi ka prosés mikir dina uteuk manusa.
Katilu, Interaksi Rohaka (Strong Interaction), gaya nu meungkeut proton jeung nétron supaya panceg dina inti atom.
Kaopat, Interaksi Héngkér (Weak Interaction), gaya nu ngatur parobahan hiji atom jadi atom séjén, ti prosés karadioaktifan (transmutasi inti) nepi ka parobahan atom hidrogén jadi atom hélium dina panonpoé jeung béntang sangkan salawasna mancerkeun cahaya.
Cindekna, rawasiya (pamageuh) anu disayagikeun ku Allah pikeun jagat marcapada téh mangrupa opat macem interaksi nu ngatur sakabéh mékanismeu langit jeung bumi, nyaéta gaya gravitasi, gaya éléktromagnétik, gaya rohaka, jeung gaya héngkér. Panalungtikan mutahir nétélakeun yén éta gaya nu opat téh sihoréng maniféstasi ti gaya tunggal anu sarua, tuluy misah hiji-hiji dina opat tahapan pangayugaan jagat marcapada.
Dawuhan Allah dina Fusshilat 10, yén rawasiya (pamageuh) diyugakeun dina opat periodeu (fi arba`ati ayyam) jeung rawasiya téh sarua pikeun anu naranya (sawa’an li s-sa’ilin), nu diwahyukeun dina abad ka-7 kakara kaguar hartina dina abad ka-20! Kecap aqwat (plural tina qut) dina ieu ayat sering dihartikeun “dahareun”. Padahal hartina nu bener mah nyaéta “daya panjagaan”, sabab ieu istilah saluyu jeung salah sahiji sipat Allah, Al-Muqit (Maha Ngajagi), nu kaunggel dina An-Nisa’ 85.
Big Bang (Beledug Rongkah)
Dina Al-Anbiya’ 30, Allah ngadawuh: “Naha jalma-jalma nu kalapir téh teu nyarahoeun yén langit jeung bumi téh mimitina ngahiji, tuluy duanana ku Kami dipisahkeun. Jeung Kami ngajadikeun tina cai sakabéh anu hirup. Naha atuh maranéhna henteu ariman?”.
Katerangan ti Allah yén sakabéh mahluk hirup dijadikeun tina cai téh babari kapaham tur kaharti, sabab 75-80% eusina sél-sél mahluk hirup (manusa, sasatoan, tutuwuhan, jeung mikroorganismeu) téh nyaéta cai. Kahirupan nembé aya di bumi sabada aya cai. Loba mahluk hirup nu teu merelukeun oksigén mah, tapi taya mahluk anu tiasa hirup tanpa cai. Cing mangga ayeuna urang ngabahas katerangan ti Allah yén langit jeung bumi téh mimitina ngahiji tuluy dipisahkeun ku Anjeunna.
Dina taun 1929, astronom Amerika nu ngaranna Edwin Powell Hubble nalungtik yén garis spéktreum cahaya tina galaksi-galaksi di luareun Galaksi Bimasakti ngagésér ka panjang galura nu leuwih gedé, istilah fisikana mah ngagésér ka “beureum” (red shift). Dumasar kana hukum fisika nu disebut Éfék Doppler, hartina galaksi-galaksi téh silih ngajauhan hiji jeung nu séjén. Beuki jauh éta galaksi, beuki gancang ngajauhanana. Jadi, jagat marcapada téh aya dina kaayaan ngajembar (ékspansi; terus ngalegaan).
Konsékuénsina, jagat marcapada kapungkur tangtu leuwih raket ti batan ayeuna. Dina taun 1946, George Gamow ti Universitas George Washington nyieun hipotésis: mimitina mah sakabéh eusina jagat marcapada ngahiji dina kapadetan nu taya hinggana (infinite density), tuluy ku prosés Big Bang (“Beledug Rongkah”) ujug-ujug jol ieu jagat marcapada téh.
James Peebles ti Universitas Princeton dina taun 1964 ngamprédiksi yén mun bener jagat marcapada diyugakeun tina prosés Big Bang, tangtuna sésa radiasi beledug rongkah téh ayeuna aya kénéh. Numutkeun itungan manéhna, éta sésa radiasi téh saluyu jeung suhu tilu nepi ka lima Kélvin. Sataun ti harita, 1965, Arno Penzias jeung Robert Wilson ti Laboratorieum Bell, New Jersey, bisa néwak éta sésa radiasi Big Bang maké anténeu nu supersénsitif, nyaéta radiasi anu saragam di sakabéh jihat jagat marcapada (istilah urang ditu mah cosmic microwave background) anu saluyu jeung suhu tilu Kélvin, jejegna mah 2,726 K. Tina panalungtikanana, Penzias jeung Wilson meunang hadiah Nobél fisika taun 1978.
Ayeuna, kajadian Big Bang nu ngamimitian pangayugaan jagat marcapada téh lain ngan sakadar téori wungkul, tapi geus jadi paradigma élmu fisika jeung astronomi modéren. Tah, iraha lumangsungna éta kajadian Big Bang téh? Atawa, sabaraha umurna jagat marcapada ayeuna? Pikeun ngajawabna, urang kudu ngagunakeun Renggenek Hubble atawa Hubble Constant (H), nyaéta gagancangna galaksi-galaksi silih ngajauhan: 70 kilométer per detik per mégaparsék. Hiji mégaparsék téh sarua jeung 3,26 juta taun-cahaya; sataun-cahaya sarua jeung 9,4605 x 10(12) km atawa kurang-leuwih 10 triliun km. Bandinganana, kurilingna bumi ngan ukur 40 rébu km, sarta anggang ti bumi ka panonpoé ngan ukur 150 juta km.
Jadi, galaksi-galaksi nu anggangna 3,26 juta taun-cahaya silih ngajauhan dina gagancang 70 km/detik. Dumasar kana gagancang cahaya 300.000 km/detik, sarta waktu téh anggang dibagi ku gagancang, umurna jagat marcapada ayeuna geus bisa kaitung, nyaéta 3,26 x 10(6) x 3 x 10(5) dibagi 70 = 1,397 x 10(10) taun atawa kurang-leuwih 14 miliar taun.
Hakékat Matéri
Jagat marcapada dina hakékatna mah mangrupa beungkeutan atom-atom nu unggal waktu disusun-ulang (dirakrakan tuluy dipasangkeun deui), kalayan diatur ku opat rupa rawasiya (pamageuh). Nu matak sakur nu aya dina jagat marcapada téh taya nu langgeng. Panta rhei, ceuk urang Yunani mah, “sadaya ngocor”, sakabéhna fana. Mung Allah SWT wungkul anu tetep lana.
Anu ngaranna atom téh diwangun ku inti atom jeung éléktron-éléktron nu dipageuhan ku rawasiya éléktromagnétik. Pikeun misahkeun éléktron-éléktron tina inti atom, diperelukeun énérgi hiji éléktron-volt (1 eV) nu saluyu jeung suhu 10(4) K (sapuluh rébu darajat). Suhu rata-rata jagat marcapada ayeuna nyaéta tilu Kélvin (-270 darajat Célcius). Dina jaman bihari mah suhu jagat marcapada téh tangtu baé jauh leuwih gedé. Numutkeun itungan, jagat marcapada téh miboga suhu 10(4) K basa umurna kakara 1,2 x 10(13) detik atawa 380.000 taun sabada “Waktu Enol” (Time Zero). “Waktu Enol” téh kajadian Big Bang nu ngamimitian pangayugaan ieu jagat marcapada. Jadi, atom kakara aya basa jagat marcapada umurna 380.000 taun. Saméméhna mah jagat marcapada ngan mangrupa kumpulan inti-inti atom jeung éléktron-éléktron nu teu acan mampuh ngagabung jadi atom, lantaran suhu harita gedé kénéh.
Inti atom diwangun ku nukléon-nukléon (partikel-partikel inti). Aya dua rupa nukléon téh, nyaéta proton jeung nétron, nu ngagabung jadi inti atom kalayan dipageuhan ku rawasiya gaya rohaka (strong interaction). Pikeun misahkeun inti atom jadi proton-proton jeung nétron-nétron nu bébas, diperelukeun énérgi sajuta eV, nu saluyu jeung suhu 10(10) K (sapuluh miliar darajat), nyaéta suhu basa 180 detik atawa tilu menit sabada Waktu Enol. Jadi, inti atom kakara aya basa jagat marcapada umurna tilu menit. Saméméhna, énérgi katut suhu gedé kénéh, nu matak proton-proton jeung nétron-nétron teu acan mampuh ngagabung jadi inti atom.
Kakara ti taun 1963 (ku pamanggihna Murray Gell-Mann ti Institut Téhnologi Kalifornia nu meunang hadiah Nobél fisika taun 1969), para élmuwan nyarahoeun yén proton jeung nétron téh sihoréng diwangun ku partikel-partikel nu leuwih leutik deui, nyaéta nu disebut quark. Pikeun misahkeun proton jeung nétron jadi quark-quark, diperelukeun énérgi samiliar eV, nu saluyu jeung suhu 10(13) K (sapuluh triliun darajat), nyaéta suhu basa 10(-6) detik (sapersajuta detik sabada Waktu Enol). Jadi, proton jeung nétron kakara aya basa jagat marcapada umurna 10(-6) detik. Saméméhna, jagat marcapada ngan mangrupa kumpulan quark-quark jeung lépton-lépton. Anu ngaranna “lépton” téh partikel-partikel nu massana leutik pisan, nyaéta éléktron saparakanca.
Téori Kamanunggalan
Dina taun 1950, Albert Einstein nyieun hipotésis yén gravitasi jeung éléktromagnétik ukur dua maniféstasi tina hiji “gaya tunggal” nu sarua. Tapi nepi ka maotna Einstein dina taun 1955, ieu konsép téh karék hipotésis wungkul. Kakara dina dasawarsa 1970-an, sabada aya akselerator partikel, éta téori “kamanunggalan gaya” kabuktian ku ékspérimén.
Ti taun 1967 nepi ka taun 1974, tilu ahli fisika sacara sorangan-sorangan, nyaéta Steven Weinberg ti Institut Téhnologi Massachusetts, Sheldon Glashow ti Universitas Harvard, tur Abdus Salam ti Imperial College London, pada-pada manggihan yén gaya éléktromagnétik jeung gaya héngkér mangrupa gaya nu idéntik dina énérgi 10(11) eV atawa suhu 10(15) K (sarébu triliun darajat). Énérgi sagedé kitu téh ngan bisa dihasilkeun ku akselerator mutahir. Numutkeun itungan, jagat marcapada miboga suhu 10(15) K basa umurna 10(-10) detik (sapersapuluh miliar detik sabada Waktu Enol). Atuh tiluanana meunang hadiah Nobél fisika taun 1979.
Téori Weinberg-Glashow-Salam ngaramalkeun ayana partikel boson-boson panengah (intermediate bosons), nyaéta partikel-partikel W jeung Z anu mawa gaya héngkér. Partikel-partikel ieu téh kapanggih taun 1983 ku Carlo Rubbia ti Puseur Riset Nuklir Eropah (CERN) di Jenéwa. Rubbia kénging hadiah Nobél fisika taun 1984, sabab manéhna geus ngabuktikeun écésna téori Weinberg-Glashow-Salam.
Ayeuna para élmuwan hayang ngahijikeun gaya éléktromagnétik-héngkér jeung gaya rohaka. Ieu nu disebut Téori Kamanunggalan Agung (Grand Unification Theory). Tilu gaya éta téh baris ngahiji lamun aya énérgi 10(24) eV atawa suhu 10(28) K (sapuluh rébu triliun triliun darajat). Nepi ka ayeuna tacan aya akselerator nu mampuh ngahasilkeun énérgi anu sakitu gedéna mah. Suhu 10(28) K dipiboga ku jagat marcapada basa umurna 10(-35) detik (sapersaratus miliar triliun triliun detik sabada Waktu Enol). Sihoréng gaya gravitasi gé bisa dihijikeun jeung tilu gaya nu séjén (Super Unification Theory) dina suhu 10(32) K (saratus juta triliun triliun darajat), nyaéta suhu jagat marcapada basa umurna 10(-43) detik (sapersapuluh juta triliun triliun triliun detik sabada Waktu Enol).
Lamun ieu pananglutikan diteruskeun nepi ka Waktu Enol, urang baris manggihan kaayaan anu disebut singularitas, nyaéta kaayaan “taya rohang taya waktu”. Pananya di mana jeung iraha taya hartina, sabab rohang jeung waktu tacan aya. Nu Aya mah mung Allah SWT. “Anjeunna Nu Maha Awal tur Maha Ahir (teu gumantung kana waktu), sarta Nu Maha Zohir tur Maha Batin (teu gumantung kana rohang). Anjeunna Maha Uninga kana sagala perkara.” (Al-Hadid 3).
Tahap-Tahap Pangayugaan
Periodeu Kahiji
Tepat dina Waktu Enol, Allah Nu Maha Suci tur Maha Kawasa mimiti ngayugakeun rohang jeung waktu ku prosés Big Bang. Dina Al-Qur’an, Allah nganggo kalimah kun fa yakun (‘jadi’, jleg ngajadi) nu wangunna present tense atawa fi`il mudhari`, teu kungsi Anjeunna nganggo kalimah kun fa kana (‘jadi’, jleg ngajadi) nu wangunna past tense atawa fi`il madhi. Pihartieunana, Allah ngayugakeun ieu jagat marcapada téh ku prosés anu sinambung, malahan nepi ka ayeuna “Anjeunna nambahan kana dadamelana-Na naon baé anu ku Anjeunna dikersakeun” (Fathir 1).
Dina Periodeu Kahiji, jagat marcapada masih mangrupa énérgi jeung hiji gaya tunggal. Ngajembarna jagat marcapada ngakibatkeun suhu jadi lungsur. Periodeu Kahiji téh lumangsung nepi ka 10(-43) detik sabada Waktu Enol, nyaéta basa jolna gaya gravitasi salaku gaya nu mandiri.
Periodeu Kadua
Periodeu Kadua dimimitian dina 10(-43) detik sabada Waktu Enol (suhu 10(32) K), basa kakara aya dua gaya, nyaéta gravitasi jeung gabungan éléktromagnétik-héngkér-rohaka. Ku sabab gravitasi téh mangaruhan saniskara anu miboga massa, dina Periodeu Kadua sabagian énérgi ngalaman transformasi jadi matéri mangrupa partikel-partikel mikro (dukhan), numutkeun Hukum Einstein: E = m c(2). Quark jeung lépton tacan tiasa dibedakeun, sabab gaya rohaka jeung gaya héngkér harita téh idéntik kénéh.
Periodeu Katilu
Periodeu Katilu dimimitian dina 10(-35) detik sabada Waktu Enol (suhu 10(28) K), basa gaya rohaka norojol jadi gaya nu mandiri. Jadi, aya tilu gaya di jagat marcapada harita téh, nyaéta gravitasi, gaya rohaka, jeung gabungan éléktromagnétik-héngkér. Dina Periodeu Katilu, jagat marcapada ngalaman inflasi (ujug-ujug ngajembaran pisan) sarta muncul partikel-partikel quark nu dipangaruhan ku gaya rohaka.
Periodeu Kaopat
Periodeu Kaopat dimimitian dina 10(-10) detik sabada Waktu Enol (suhu 10(15) K), basa gaya héngkér misah ti gaya éléktromagnétik, sarta muncul partikel-partikel lépton nu dipangaruhan ku gaya héngkér. Tah, dina Periodeu Kaopat kakara lengkep opat rupa rawasiya (pamageuh) anu disayagikeun ku Gusti pikeun mageuhkeun sakumna prosés di jagat marcapada.
Jagat marcapada terus ngajembaran (ékspansi), sarta suhuna nyirorot nepi ka 10(13) K. Opat periodeu pangayugaan rawasiya téh disusul ku dua periodeu pangayugaan atom, nyaéta partikel dasar sakumna matéri di langit jeung di bumi.
Periodeu Kalima
Periodeu Kalima dimimitian dina 10(-6) detik sabada Waktu Enol (suhu 10(13) K), basa quark-quark mampuh ngagabung jadi partikel-partikel nu disebut hadron-hadron, nyaéta baryon (diwangun ku tilu siki quark) jeung méson (diwangun ku dua siki quark). Baryon aya dua rupa: nukléon (baryon anu nyusun inti atom) jeung hipéron (baryon anu teu nyusun inti atom). Tuluy nukléon aya dua rupa deuih: proton (diwangun ku dua quark u tur hiji quark d) jeung nétron (diwangun ku hiji quark u tur dua quark d).
Hipéron-hipéron jeung méson-méson téh partikel anu henteu panceg (henteu stabil), sabab umurna pondok pisan, kurang tina 10(-7) detik, nu matak ieu partikel ngan kapanggih dina sinar kosmis atawa akselerator nu miboga énérgi gedé. Jadi, hadron anu mampuh ngawangun inti atom mah ngan nukléon-nukléon (proton jeung nétron).
Periodeu Kagenep
Periodeu Kagenep dimimitian dina tilu menit sabada Waktu Enol (suhu 10(10) K), basa proton jeung nétron mampuh ngagabung jadi inti atom. Inti-inti atom anu munggaran kawangun nyaéta hidrogén-1 (hiji proton), hidrogén-2 (hiji proton tur hiji nétron), hidrogén-3 (hiji proton tur dua nétron), hélium-3 (dua proton tur hiji nétron), sarta hélium-4 (dua proton tur dua nétron). Inti-inti atom ieu téh boga muatan positif lantaran aya proton. Maranéhna sayagi pikeun néwak lépton nu panceg (stabil) tur boga muatan négatif, nyaéta éléktron-éléktron.
Periodeu Kagenep lumangsung nepi ka 380.000 taun sabada Waktu Enol (suhu 10(4) K), basa inti-inti atom mampuh ngagabung jeung éléktron-éléktron pikeun ngawangun atom hidrogén jeung atom hélium, bahan dasar jeung eusi utama jagad marcapada ayeuna.
Tumuwuhna Jagat Marcapada
Sabada ngayugakeun atom hidrogén jeung hélium, Allah kalayan sagala kawasa-Na (istawa `ala l-`arsy, “kawasa dina Arasy”, ceuk Surat Yunus 3 mah) ngatur tumuwuhna ieu jagat marcapada (yudabbiru l-amr) ngalangkungan opat rupa rawasiya (pamageuh). Gaya rohaka mageuhkeun inti atom. Gaya éléktromagnétik mageuhkeun atom, tuluy ngatur simpay (ikatan) atom-atom dina réaksi-réaksi kimia. Gaya héngkér ngajadikeun atom-atom salian ti hidrogén jeung hélium, nyaéta karbon, nitrogén, oksigén, sakabéh logam-logam, jrrd. Atom-atom anu rupa-rupa jinisna téh silih nyimpai hiji jeung nu séjén, ngajadikeun sakumna matéri dina jagat marcapada: superkluster, kluster (gugus), galaksi (kumpulan béntang), béntang (panonpoé), planét katut sakabéh eusina, nu dipageuhkeun dina kelompok-kelompok ku gaya gravitasi.
Nepi ka awal taun 2006 geus aya 116 rupa atom téh, nu aya dina tabél Sistim Periodik Unsur-Unsur. Sakabéh jinis atom téh seuweu-siwina atom hidrogén jeung hélium. Ayeuna, opat welas miliar taun sabada Waktu Enol atawa Big Bang, suhu rata-rata jagat marcapada téh tilu Kélvin atawa -270 darajat Celcius, nyaéta suhu rohang antar-béntang. Eusina jagat marcapada rélatif henteu robah: 92% atom hidrogén, ampir 8% hélium. Atom-atom nu séjén ngan ukur 0,1% tina sakumna atom di jagat marcapada.
Carl Sagan ti Universitas Cornell nétélakeun yén lamun umurna jagat marcapada diriutkeun jadi sataun, pangayugaan jagat marcapada lumangsung dina kaping 1 Januari, galaksi Bimasakti kawangun 1 Méi, tatasurya norojol 9 Séptémber, bumi urang kakara aya dina 14 Séptémber, mahluk hirup pangmimitina (mikroorganismeu sél tunggal) muncul 9 Oktober, jaman dinosaurus lumangsung 24-28 Désémber, manusa nembé éksis 31 Désémber tabuh 23.00, sarta Nabi Isa Al-Masih a.s. dilahirkeun opat detik nu bieu. “Perhatikeun waktu! Saéstuna manusa téh bener-bener aya dina karugian….”, kitu dawuhan Allah SWT.
Komposisi Jagat Marcapada
Jagat marcapada téh diwangun ku puluhan superkluster (adigugus), di antarana (sakadar nyebutkeun sawatara ngaran) Virgo, Hydra, Pérséus, Opiuchus, Herculés. Urang aya dina Superkluster Virgo, anu diaméterna 100 juta taun-cahaya (hiji taun-cahaya = 10 triliun km!), diwangun ku ratusan kluster (gugus), di antarana Kluster Lokal, Céntaurus, Fornax, Puppis, Coma. Urang aya dina Kluster Lokal, anu diaméterna tilu juta taun-cahaya, diwangun ku tilupuluhan galaksi, di antarana Bimasakti (Milky Way), Androméda, Awan Magellan, Sagittarius Cébol, Triangulum.
Urang téh aya dina Galaksi Bimasakti, galaksi mangrupa spiral anu diaméterna 120 rébu taun-cahaya, diwangun ku 100 miliar béntang-béntang. Salah sahiji tina éta 100 miliar béntang téh ngaranna Panonpoé, kagolong béntang anu leutik, nyicingan leungeun Orion nu anggangna 28 rébu taun-cahaya ti puseur galaksi. Panonpoé urang téh tuluy-tumuluy towaf ngurilingan puseur Galaksi Bimasakti dina gagancang 225 km/detik, sakali nguriling lilana 250 juta taun. Béntang-béntang tatangga Panonpoé di leungeun Orion di antarana nyaéta Alpha Céntauri (béntang tatangga pangdeukeutna nu anggangna ngan 4,3 taun-cahaya atawa 43 triliun km!), Barnard (6 taun-cahaya), Sirius (9 taun-cahaya), Altair (16 taun-cahaya), Véga (25 taun-cahaya), Capélla (41 taun-cahaya), Aldébaran (60 taun-cahaya), Bétélguése (500 taun-cahaya), jeung Rigél (815 taun-cahaya).
Panonpoé urang diaméterna 1.393.200 km, massana 2 x 10(30) kg, dikurilingan ku dalapan planét, tilu planét leutik, 166 bulan (ieu data taun 2006, panginten engké nambahan deui), rébuan astéroid, météoroid jeung komét. Planét nu dalapan téh nyaéta Mérkurius atawa Buda (teu boga bulan), Vénus atawa Sukra (ogé taya bulan), Bumi (boga bulan hiji), Mars atawa Anggara (boga bulan dua), Yupiter atawa Respati (planét panggedéna, boga 63 bulan), Saturnus atawa Tumpek (56 bulan), Uranus (27 bulan), jeung Néptunus (13 bulan). Planét leutik aya tilu, nyaéta Cérés, Pluto (boga bulan tilu), jeung Éris (sihoreng boga bulan hiji, nembé kapendak taun 2006). Bumi urang diaméterna 12.756 km, massana 6 x 10(24) kg, anggangna 150 juta km (500 detik-cahaya) tina panonpoé. Bumi urang gé tuluy-tumuluy towaf ngurilingan panonpoé dina gagancang 30 km/detik, sakali nguriling lilana 365,25 poé (sataun).
Sabada urang nalungtik umurna jagat marcapada, naha urang keukeuh kénéh baris ngaengké-engkékeun pikeun ngeusi ieu kahirupan nu sakedét nétra ku fastabiqu l-khairat, “paheula-heula nyieun kahadéan”? Sabada urang paham yén bumi téh sihoréng ngan ukur keusik leutik dina jagat marcapada, kawas lebu sakumaha leutikna amal soléh anu ku urang baris dipikareueus nyanghareupan Gusti tuluy urang téh mani teu isin ménta sawarga-Na? Saha atuh anu teu hayang sujud ka Allah Nu Maha Asih bari nyuhunkeun hampura sangkan bébas tina siksa naraka-Na? “Naha maranéhna naréangan salian ti agama Allah? Padahal ka Anjeunna geus sumerah saniskara anu aya di langit jeung di bumi, boh suka boh kapaksa, jeung ka Anjeunna sakabéhna baris dipulangkeun” (Ali Imran 83).***
0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home