Nalungtik Cai Jeung Lempeng Tektonik
TAUN IV No.4 SASIH NOPEMBER 2006:
NALUNGTIK AYAT-AYAT ALLAH:
CAI JEUNG LÉMPÉNG TÉKTONIK
k u
IRFAN ANSHORY
SALAH SAHIJI BÉDANA Surat-surat Makkiyah (nu diwahyukeun di Makkah) jeung Surat-surat Madaniyah (nu diwahyukeun di Madinah) dina Al-Qur’an nyaéta yén dina Surat-surat Makkiyah Allah sering ngadawuhkeun sumpah sareng rupa-rupa fénoména alam, sangkan manusa leres-leres merhatikeun sacara daria hal-hal nu disumpahkeun ku Gusti. Éta kalimah-kalimah sumpah téh ilaharna dimimitian ku kecap wa (“demi”) dina 17 Surat (37, 51, 52, 53, 68, 74, 77, 79, 85, 86, 89, 91, 92, 93, 95, 100, 103) atawa kecap laa uqsimu (“Sanés kitu! Simkuring sumpah!”) dina tujuh Surat (56, 69, 70, 75, 81, 84, 90). Salian sareng fénoména alam, Allah ngadawuhkeun sumpah deuih sareng Kitab Al-Qur’an dina lima Surat (36, 38, 43, 44, 50).
Allah miwarang ka urang sadaya pikeun nalungtik (tafakkur) sakur eusina ieu jagat marcapada sangkan urang sadar kana kaagungan tur kakawasaana-Na. Éta piwarang téh seueur pisan dina Al-Qur’an, misalna dina Ali Imran 190-191, Yunus 101, Fusshilat 53, jrrd. Dina ieu artikel, mangga urang nalungtik dua fénoména alam nu disumpahkeun ku Gusti dina Surat Ath-Thariq ayat 11 tur 12.
Wa s-samaa’i dzaati r-raj`i (Ath-Thariq 11). Tarjamahan harfiahna: “Demi langit nu mibanda barang nu balik deui”. Sakabéh ahli tapsir Al-Qur’an akur yén ar-raj`i (“barang nu balik deui”) dina ieu ayat téh nyaéta cai, nu tuluy-tumuluy “jul-jol” (indit jeung datang) dina siklus hidrologi. Dua pertiluna bumi urang téh disimbutan ku cai, tur 97% tina sakumna cai di bumi aya dina sagara. Saban poé sapertilu tina jumlah énérgi sinar panonpoé nu nepi ka bumi digunakeun pikeun nyaabkeun 1000 km kubik (satriliun méter kubik) cai sagara. Éta saab nyebar di lapisan wiati (atmosfér) pikeun ngatur kabeueusan (humidity) jeung suhu. Saterusna saab ngalaman kondénsasi jadi ibun, tuluy ngaburulu ka handap mangrupa hujan atawa salju. Sawaréh cai téh asup ka jero taneuh, tur sawaréh deui ngocor dina walungan-walungan nu balik ka sagara.
Sigana mah teu aya barang nu leuwih penting tur loba kagunaanana ti batan cai. Ayana cai ngajadikeun bumi téh hiji-hijina wewengkon dina tatasurya nu merenah pikeun kahirupan. Tanpa cai, kahirupan pamohalan kajadian. Tujuh puluh persén beuratna waruga urang téh diwangun ku cai. Lamun teu aya cai, atuh saniskara métabolismeu mahluk hirup tangtu teu bisa lumangsung. Urang merelukeun cai pikeun nginum, mandi, abdas, masak, nyeuseuh, nyébor tutuwuhan, jeung nyaian lahan pertanian. Dina jaman modéren ayeuna, fungsi cai téh leuwih réa deui, mimiti ti salah sahiji sumber énérgi (boh énérgi saab boh énérgi listrik) nepi ka pikeun sarana olahraga jeung rékréasi.
Struktur molékul cai (H2O atawa H-O-H) nu diwangun ku hiji atom puseur oksigén jeung dua atom hidrogén, nimbulkeun sipat-sipat fisika jeung kimia nu henteu dipiboga ku matéri séjén. Ajén kaéléktronégatifan (kamampuh ngabetot éléktron) nu gedé bédana antara atom hidrogén jeung atom oksigén ngajadikeun simpay O—H dina molékul cai téh polar pisan, nu matak cai miboga kamampuh pikeun ngaleyurkeun sagala rupa barang. Ku kituna cai bisa mawa nutrisi (barang dahareun) kana jaringan jeung organ mahluk hirup sarta jadi barang pangabersih nu pohara hadéna. Cai miboga deuih viskositas (ajén kakentel) nu leutik, nu matak cai lancar pisan ngocorna, gancang nyirorot ka handap, jeung teu hésé dikompa ka luhur. Jadi cai mah babari dicandak pikeun dimangpaatkeun ku urang kana rupa-rupa kaperluan.
Dibandingkeun jeung cairan-cairan nu séjén (misalna béngsin atawa lisah), cai téh rada hésé robah jadi saab, istilahna miboga ajén éntalpi panyaaban nu gedé. Ieu sipat téh kacida pentingna pikeun waruga urang, sabab panasna waruga nu kaleuwihan bisa dipiceun kaluar ngalangkungan panyaaban ngan ukur saeutik cai tina pori-pori kulit. Ku kituna, suhuna waruga urang téh salawasna kajaga sacara optimal. Penyerapan énérgi nalika cai disaabkeun ku sinar panonpoé, sarta pembébasan éta énérgi nalika saab ngibun jadi hujan nu balik deui ka bumi, éta prosés téh miboga fungsi pikeun ngawalatrakeun (distribusi) énérgi panonpoé ka sakumna bumi. Cai miboga deuih kapasitas kalor (kamampuh ngampihan panas) nu gedé, nu matak cai mah manasan jeung niisan leuwih laun ti batan barang-barang nu séjén. Ieu sipat téh nangtayungan mahluk hirup tina bancang-pakéwuh lamun suhu ngadadak robah.
Simpay hidrogén (hydrogen bonding) nu aya di antara molékul-molékul cai ngajadikeun cai téh ngagedéan volumeuna basa ngimpel jadi és (padahal barang-barang nu lian ilaharna mah ngaleutikan volumeuna basa ngimpel téh). Balukarna, és leuwih hampang ti batan cai, atawa és ngambang di luhurna cai. Tah, nu matak lauk-lauk jeung sasatoan cai nu séjén bisa terus hirup dina usum salju. Kacindekanana, sihoréng loba pisan rupa-rupa pangraksaan ti Allah SWT pikeun mahluk hirup ngalangkungan sipat-sipat cai téh.
Wa l-ardhi dzaati sh-shad`i (Ath-Thariq 12). Tarjamahan harfiahna: “Demi bumi nu mibanda beulahan”. Kecap ash-shad`i téh hartina “beulahan”, tina kecap shada`a (“meulah”). Nu matak “rieut” (sirah rasana beulah) dina basa Arabna mah shuda`, tur dina Surat Al-Waqi`ah aya katerangan yén leueuteun di sawarga téh “tara ngarieutkeun” (laa yushadda`uun).
Dina lingkungan tatasurya, bumi urang téh planét taneuh (terrestrial planet) nu panggedéna. Opat planét nu leuwih gedé ti batan bumi (Yupiter, Saturnus, Uranus jeung Néptunus), jeung panonpoé deuih, henteu diwangun ku taneuh tapi diwangun ku gas-gas hidrogén tur hélium. Ku sabab mangrupa “dunia non-gas” nu panggedéna, bumi miboga suhu jero (suhu internal) nu panggedéna manan planét-planét séjén, nu matak bumi boga kulit nu pangipisna, nyaéta ngan ukur 50 km jerona. Tah, ku sabab ipis tur gedé suhu jerona, kulit bumi téh ngabeulah jadi tujuh beulahan nu gedé (jeung sawatara beulahan nu leuwih leutik) nu disebut lémpéng (plate). Éta lémpéng-lémpéng téh pas pisan nyetélna, nu hiji raket jeung nu séjén, kawas ditapelkeun ku tukang kai nu pinter. Ku kituna, dingaranan lémpéng-lémpéng téktonik (basa Yunani, téctonés, hartina “tukang kai”).
Tujuh lémpéng kulit bumi nu gedé téh nyaéta lémpéng-lémpéng Éurasia, Afrika, Indo-Ustrali, Pasifik, Amérika Kalér, Amérika Kidul, jeung Antartika. Aya deuih lémpéng-lémpéng nu leutik, misalna lémpéng Arabia, Filipina, Karibéa, jsté. Lemah cai urang, Indonésia, aya dina tungtung kidulna lémpéng Éurasia, tur jadi wewengkon papanggihna lémpéng Indo-Ustrali di palih kulon jeung lémpéng Pasifik di palih wétan.
Lapisan di handapeun kulit bumi miboga suhu nu leuwih panas, nu matak mampuh ngagésér-gésér. Éta géséran téh ngadorong lémpéng-lémpéng ka ditu ka dieu, ngajadikeun daratan (buana jeung pulo) tur palung (basin) pikeun wadahna sagara. Tétéla, lémpéng-lémpéng téktonik dina kulit bumi téh sihoréng grand design ti Gusti sangkan ieu bumi ngabagi kana lemah jeung cai. Kacipta lamun teu aya beulahan lémpéng-lémpéng téktonik, tangtu baé tara aya ocean basin téh, jeung sakumna bumi ditutupan ku cai. Balukarna mah, mahluk nu hirup di daratan kaasup manusa pamohalan kajadian, henteu aya daratan atuh da!
Tah, sanajan géséran lémpéng téktonik téh bisa nimbulkeun lini atawa taneuh urug, tur cai sawaktu-waktu bisa nimbulkeun banjir atawa galura tsunami, kadé urang ulah poho yén cai jeung lémpéng téktonik téh dua rupa karunia ti Allah nu kudu disukuran, sabab duanana mangrupa prasyarat pikeun ayana kahirupan di bumi. Ku kituna Allah miwarang ka urang sadaya sangkan nalungtik kana éta ayat-ayat-Na ngalangkungan élmu pangaweruh, ngarah urang bisa nyingkahan tina bahaya nu ditimbulkeun ku budalna cai atawa géséran lémpéng téktonik.***
0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home