Saturday, March 31, 2007

Harti kecap "Sunda"

NAON HARTINA KECAP "SUNDA" TEH?

ku
IRFAN ANSHORY



Di Masjid Nabawi, Madinah, dinten Salasa ping 11 Juli 2006, simkuring papanggih sareng rombongan anu ngaranggo atribut “SUNDA PILGRIMS, PUNJAB”. Simkuring mani buncelik, geuningan ngaran SUNDA dianggo ku urang Pakistan! Ngahaja simkuring nyampeurkeun tuluy ngobrol sareng éta urang-urang “Sunda” bari ngantosan adan isya’.

Numutkeun katerangan maranéhna, Sunda téh sihoréng ngaran dayeuh leutik nu anggangna 250 km tina Lahore ka palih kidul. “What is the meaning of SUNDA according to your language?” taros simkuring. Aya nu némbalan, “It is an old Sanskrit word, means BRIGHT.

Tah, panginten kecap Sunda anu janten nami sélér urang téh saleresna mah tina basa Sangsekerta, anu hartina “hérang” atanapi “caang”, sanajan aya ogé pamadegan yén Sunda téh tina kecap çuddha (“bodas”) atanapi sonda (“sugema”). Mugi ieu informasi aya mangpaatna.***

0 Comments:

Post a Comment

Subscribe to Post Comments [Atom]

<< Home