Ngaran "Indonesia"
Artikel tina Majalah CUPUMANIK No.49
Taun V no.1 sasih Agustus 2007
k u
IRFAN ANSHORY
BAHEULA kapuloan lemah cai urang dilandi bangsa-bangsa deungeun ku rupa-rupa ngaran. Ku bangsa Tionghoa wewengkon urang téh dingaranan Nan-hai (Kapuloan Sagara Kidul). Bangsa India mah nyebutna Dwipantara (Kapuloan Lemah Sabrang), tina kecap Sangsakerta dwipa (pulo) jeung antara (luar, sabrang). Dina lalakon Ramayana yasana bujangga Walmiki, lebah épisodeu ‘Kiskindhakanda’, kacaritakeun laskar Kiskindha milarian Sinta, garwana Rama nu diculik ku Rahwana téa, tepi ka Suwarnadwipa (Pulo Mas, nyaéta Sumatera ayeuna) di Kapuloan Dwipantara.
Ari bangsa Arab nyebut lemah cai urang téh Jaza’ir al-Jawi (Kapuloan Jawa). Dina basa Latén, menyan boga ngaran ilmiah benzoe, tina basa Arab luban jawi (menyan 'Jawa'), sabab para sudagar Arab abad pertengahan meunang menyan ti tangkal kai Styrax sumatrana nu baheula tuwuhna ngan di Sumatera. Apan tepi ka ayeuna jamaah haji urang remen dilandi ‘Jawa’ ku urang Arab. Kungsi ditétélakeun ka hiji padagang di Pasar Séng, Makkah, yén Indonésia mah lain Jawa wungkul. Hih, dasar Wan Abud, keukeuh manéhna nyebut Jawa ka urang. “Samathrah, Sholibis, Sundah, kulluh Jawi! (Sumatera, Sulawesi, Sunda, sakabéhna gé Jawa!),” pokna.
Bangsa-bangsa Éropa nu munggaran datang dina abad ka-16 boga anggapan yén buana Asia téh ngan ngawengku Arab, Pérsia, India tur Cina. Éta geura, wewengkon nu sakitu legana antara Pérsia jeung Cina sakabéhna disebut ‘Hindia’ baé. Samananjung Asia Kidul dilandi ‘Hindia Hareup’, tur daratan Asia Tenggara dilandi ‘Hindia Pengker’. Ari lemah cai urang mah dingaranan ‘Kapuloan Hindia’ (Indische Archipel; Indian Archipelago; l’Archipel Indien) atawa ‘Hindia Wétan’ (Oost Indie; East Indies; Indes Orientales). Ngaran séjén nu ogé dianggo nyaéta ‘Kapuloan Malayu’ (Maleische Archipel; Malay Archipelago; l’Archipel Malais).
Basa lemah cai urang kajajah ku Walanda, ngaran resmina nagara urang téh Nederlandsch-Indie (Hindia Walanda). Ari pamaréntah balatentara Jepang 1942–1945 mah maké istilah To-Indo (Hindia Wétan).
Éduard Douwes Dékker (1820–1887), nu sandiasmana Multatuli téa, kungsi ngusulkeun ngaran nu leuwih spésifik pikeun nyebutkeun lemah cai urang, nyaéta Insulinde, hartina ogé ‘Kapuloan Hindia’ (basa Latén: insula = pulo). Dina kaca ahir novél Max Havelaar nu ditulis Multatuli taun 1860, aya kalimah kieu: Insulinde dat zich daar slingert om den evenaar, als een gordel van smaragd (“Insulinde nu raranggeuyan di khatulistiwa, lir beubeur inten permata”). Tapi Insulinde jigana kurang populér. Ceuk urang Bandung mah, Insulinde téh ngaran toko buku nu kungsi aya di Jalan Otista!
Dina taun 1920-an Érnest Francois Eugene Douwes Dékker (1879–1950)—nyaéta Dr. Setiabudi téa, nu jadi ngaran jalan utama di Bandung Kalér (anjeunna téh putu ti rayina Multatuli)—mopulérkeun ngaran Nusantara, kénging nyandak Setiabudi tina Pararaton, naskah jaman Majapahit nu kapanggih di Bali abad ka-19 tuluy ditarjamahkeun ku Jan Laurens Andries Brandes tur dipedalkeun ku Nicholaas Johannes Krom dina taun 1920.
Ngan kadé ulah hilap, istilah Nusantara nu diusulkeun ku Setiabudi téh béda pisan hartina jeung istilah Nusantara jaman Majapahit. Ieu penting dipikanyaho ku urang, sabab loba jalma nu lalawora nyangka Nusantara téh konsép Majapahit. Padahal dina jaman Majapahit mah, istilah Nusantara téh dianggo pikeun nyebutkeun pulo-pulo di luar Jawa (kecap antara dina basa Sangsakerta hartina luar, sabrang) minangka lawan tina Jawadwipa (Pulo Jawa). Jadi Nusantara téh hartina “pulo-pulo sabrang”. Apan si Gajah Mada téa kungsi bébéja “Lamun huwus kalah nusantara, isun amukti palapa (“Lamun geus éléh pulo-pulo sabrang, kuring kakara salsé”), sakumaha kaunggel dina Pararaton.
Tah, ku Dr. Setiabudi kecap nusantara jaman Majapahit nu kacida jahiliyahna téh dibéré harti nu anyar tur nasionalistis. Tina kecap Malayu antara, istilah Nusantara ayeuna boga harti nu modéren nyaéta “nusa di antara dua buana (Asia tur Ustrali) jeung dua samudra (Hindia tur Pasifik)”, nu matak Pulo Jawa ogé kaasup dina définisi Nusantara nu modéren. Istilah Nusantara ti Setiabudi téh gancang nyebar dianggo tur dipopulérkeun ku nu sarakola minangka alternatif tina ngaran Hindia Walanda nu tangtu baé teu dipikaresep.
Lian ti ngawanohkeun istilah Nusantara nu modéren, Setiabudi dina taun 1912, nalika ngadegkeun Indische Partij di Bandung, ngawanohkeun istilah tanah air deuih, tarjamahan Setiabudi tina istilah asli Sunda “lemah cai”. Tepi ka awal abad ka-20 mah tacan aya istilah tanah air dina basa Malayu, sabab kakara Setiabudi nu mawa éta istilah ti basa Sunda ka basa Malayu. Taun 1920 Muhammad Yamin (1903-1962), urang Minang nu harita nganjrek di Bogor, mopulérkeun éta istilah Tanah Air jadi judul sajakna. Tétéla, najan jadi basa Malayu, istilah tanah air téh asalna ti basa Sunda, tur dipopulérkeun di Tatar Sunda deuih!
Tepi ka ayeuna istilah Nusantara tetep dianggo ku urang pikeun nyebutkeun wewengkon lemah cai ti Sabang ka Merauké. Tapi ngaran resmi bangsa jeung nagara urang mah INDONÉSIA. Tah, ayeuna hayu urang saliksik ti mana jolna éta ngaran nu sabenerna rada ahéng keur létah urang mah.
Ngaran Indonésia
Taun 1847 di Singapura medal majalah ilmiah taunan, Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA), nu dikokolakeun ku James Richardson Logan (1819–1869), urang Skotlandia sarjana hukum ti Universitas Edinburgh. Tuluy taun 1849 hiji ahli étnologi bangsa Inggris, George Samuel Windsor Earl (1813–1865), ngagabung minangka redaksi éta majalah.
Dina JIAEA Volume IV taun 1850, kaca 66-74, Earl nulis artikel On the Leading Characteristics of the Papuan, Australian and Malay-Polynesian Nations. Dina éta artikel Earl negeskeun yén rahayat Kapuloan Hindia atawa Kapuloan Malayu kudu boga ngaran nu husus (a distinctive name) pikeun istilah ilmiah, sabab ngaran “Hindia” téh teu luyu tur sering patukeur deuih jeung India nu asli. Earl ngusulkeun dua pilihan ngaran: Indunésia atawa Malayunésia (basa Yunani: nésos = pulo). Dina kaca 71 Earl nulis kieu: ... the inhabitants of the ‘Indian Archipelago’ or ‘Malayan Archipelago’ would become respectively Indunesians or Malayunesians.
Earl sorangan nétélakeun yén manéhna mah satuju ka ngaran Malayunésia (Kapuloan Malayu) batan Indunésia (Kapuloan Hindia), sabab Malayunésia luyu pisan kana étnis Malayu, ari Indunésia mah bisa ogé dilarapkeun kana Céylon (Srilangka) jeung Maldives (Maladéwa). Alesan nu séjén, ceuk Earl, apan basa Malayu téh diaranggo di sakumna ieu kapuloan. Dina éta artikel Earl nganggo istilah Malayunésia, teu nganggo istilah Indunésia.
Dina JIAEA Volume IV éta ogé, kaca 252-347, James Richardson Logan nulis artikel The Ethnology of the Indian Archipelago. Di awal tulisanana Logan gé negeskeun perelu pisan ngaran husus pikeun kapuloan lemah cai urang, sabab istilah ‘Indian Archipelago’ panjang teuing tur sering ngabingungkeun deuih: Indian nu mana? Apan pribumi asli Amérika gé disebutna Indian ku urang Éropa, tur Indian téh sawadina mah urang India nu ‘néhi-néhi’ téa. Ku kituna Logan mulung istilah Indunésia nu dipiceun ku Earl, tuluy huruf u diganti jeung huruf o ngarah leuwih merenah kadéngéna. Tah, ti rancagéna Logan téh jol wé istilah Indonésia.
Kecap atawa ngaran Indonésia téh mimiti babar ka dunya dina kaca 254 artikelna Logan. Unina kalimahna kieu: Mr Earl suggests the ethnographical term Indunesian, but rejects it in favour of Malayunesian. I prefer the purely geographical term Indonesia, which is merely a shorter synonym for the Indian Islands or the Indian Archipelago. Basa nyieun ngaran ‘Indonésia’ tangtu baé teu kapikir ku Logan yén engké dina abad ka-20 éta ngaran bakal dianggo jadi ngaran bangsa jeung nagara nu rahayatna nomer opat panglobana di beungeut bumi!
Wangkid ti harita Logan konsistén nganggo istilah ‘Indonésia’ dina tulisan-tulisan ilmiahna nu séjén, tuluy lila-lila éta istilah nyebar di kalangan para élmuwan widang étnologi tur géografi. Contona, taun 1877 Ernest Theodore Hamy nganggo kecap ‘Indonésia’ dina tulisanana di Bulletin de la Societe de Geographie di Paris. Tuluy taun 1880 kecap ‘Indonésia’ dianggo ku Augustus Henry Keane dina Journal of the Anthropological Institute di London. Saterusna taun 1882 William Edward Maxwell di Singapura nganggo istilah islands of Indonesia dina bukuna. Sakabéhna éta élmuwan nyebutkeun yén maranéhna mah nginjeum ngaran ‘Indonésia’ tina tulisan-tulisan Logan.
Dina taun 1884 gurubesar étnologi di Universitas Berlin nu ngaranna Adolf Bastian (1826–1905) medalkeun buku Indonesien oder die Inseln des Malayischen Archipel lima volume, nu ngamuat hasil panalungtikanana basa ngumbara ka lemah cai urang taun 1864-1880. Tah, éta buku nu mopulérkeun istilah ‘Indonésia’ di kalangan élmuwan Walanda, nu matak kungsi aya pamadegan yén ngaran ‘Indonésia’ téh diciptakeunana ku Bastian. Padahal mah Bastian nyokot istilah ‘Indonésia’ tina tulisan-tulisan Logan.
Élmuwan Walanda nu munggaran nganggo istilah ‘Indonésia’ nyaéta Hendrik Kern dina majalah Bijdragen Koninklijk Instituut voor Taal-, Land-, en Volkenkunde (B.K.I.) taun 1885. Tuluy dianggo ogé ku Christiaan Snouck Hurgronje dina bukuna De Atjehers nu medal taun 1894.
Urang pribumi nu pangmimitina nganggo istilah ‘Indonésia’ téh Suwardi Suryaningrat (Ki Hajar Déwantara). Basa dibuang ka Walanda taun 1913 anjeunna ngadegkeun biro pérs nu dingaranan Indonesische Pers-bureau.
Harti Politis
Dina dasawarsa 1920-an ngaran ‘Indonésia’ minangka istilah ilmiah dina étnologi tur géografi téh dicandak ku tokoh-tokoh pagerakan kamerdikaan lemah cai urang, nu matak ngaran ‘Indonésia’ ahirna boga harti politis, nyaéta idéntitas hiji bangsa nu hayang merdika! Atuh pamaréntah Walanda curiga tur waspada kana istilah ‘Indonésia’ téh.
Dina taun 1922 kalawan inisiatif Mohammad Hatta (1902-1980), mahasiswa Handels Hoogeschool (Sakola Luhur Ékonomi) di Rotterdam, organisasi pelajar tur mahasiswa Hindia di Walanda (nu ngadeg taun 1908, ngaranna Indische Vereeniging) ganti ngaran jadi Indonesische Vereeniging atawa Perhimpoenan Indonésia. Majalah maranéhna, Hindia Poetra, ganti ngaran jadi Indonésia Merdéka.
Bung Hatta negeskeun dina tulisanana: “Nagara Indonésia Merdéka jaga (de toekomstige vrije Indonesische staat) pamohalan disebut ‘Hindia Walanda’. Ngaranna gé lain ‘Hindia’ baé deuih, sabab bisa patukeur jeung India nu asli. Ngaran Indonésia téh boga tujuan pulitik (een politiek doel), sabab ngalambangkeun tur nyita-citakeun hiji lemah cai ka payunna. Sangkan ngawujud, sakur urang Indonésia (Indonesier) badé narékahan kalayan sagala tanaga tur kamampuhna.”
Di lemah cai Dr.Sutomo ngadegkeun Indonesische Studie Club taun 1924, tuluy Perserikatan Komunis Hindia (lahir taun 1920) ganti ngaran jadi Partai Komunis Indonésia (PKI). Taun 1925 Jong Islamieten Bond nyieun kepanduan Nationaal Indonesische Padvinderij (Natipij). Tah, éta tilu organisasi di lemah cai urang nu pangheulana nganggo ngaran ‘Indonésia’.
Dina taun 1926 di Jakarta lumangsung Kongrés Pemoeda Indonésia, tur ngadeg deuih organisasi Perhimpoenan Peladjar-Peladjar Indonésia (PPPI). Taun hareupna Ir.Sukarno (1901-1970) ngadegkeun Perserikatan (tuluy jadi Partai) Nasional Indonésia (PNI). Ahirna ngaran ‘Indonésia’ téh dijeneng jadi ngaran lemah cai, bangsa tur basa persatuan dina Kerapatan Pemoeda-Pemoedi Indonésia ping 28 Oktober 1928, nu ayeuna sok dilandi ‘Sumpah Pemuda’ téa.
Dina bulan Agustus 1939 tilu anggota Volksraad (Déwan Rakyat; DPR jaman Walanda), Muhammad Husni Thamrin, Wiwoho Purbohadidjojo jeung Sutardjo Kartohadikusumo, nyieun mosi ka Pamaréntah Walanda, ngadongsok sangkan ngaran ‘Indonésia’ diresmikeun minangka gaganti ngaran ‘Nederlandsch-Indie’. Orokaya Walanda bedegong pisan, kéna-kéna kawasa. Éta mosi ditampik sapajodogan.
Ahirna mah horéng Walanda nu tideuha sorangan. Ukur heuleut tilu taun ti harita, Jepang asup ka lemah cai urang, atuh ngaran ‘Hindia Walanda’ téh les sirna salilana. Tuluy dina dinten Jumaah Manis ping 9 Ramadhan 1364 Hijriyah ninggang 17 Agustus 1945, kalayan rahmat Allah Nu Maha Kawasa, brol gumelar Républik Indonésia.***
0 Comments:
Post a Comment
Subscribe to Post Comments [Atom]
<< Home